Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda 1442/2021 Singkat, Jelas, Terbaru,’ Tanamkan Nilai-Nilai Berkurban Sejak Kecil’

- 14 Juli 2021, 10:00 WIB
Khutbah Idul Adha bahasa Sunda.
Khutbah Idul Adha bahasa Sunda. /Pexels / Monstera

Baca Juga: Aksi Simpatik Polisi di Lamongan, Larang Seorang Kakek Berjualan saat PPKM sembari Bantu Uang dan Sepeda

Kaopat, mun aya kasusahan dina mancen kahirupan, pasti ku Allah bakal dibere kasenangan, ku Allah bakal leuwih loba dibere kasenangan tinimbang kasusahan. Tapi saratna, urang kudu bener-bener takwa ka Allah swt. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

فَإِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا

إِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا

“Saenyana dina kasusah (rohani) teh aya kabungah, jeung saenyana dina karipuh (jasmani) aya kasenangan.” (Qs. Al-Insyirah: 5-6)

Dina dua ayat di luhur netelakeun yen saenya satiap aya kasusah pasti aya kabungah.

Terus tingali deui dina surat al-Tholaq ayat 2 dugi 3.

وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجْعَل لَّهُۥ مَخْرَجًا

وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ وَمَن يَتَوَكَّلْ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُۥ

“Sing saha anu takwa ka Allah, tanwande anjeuna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun manehna. Jeung Anjeuna baris maparin rejeki kamanehna tina jalan anu heunteu disangka-sangka ku manehna.”

Dina ayat al-Tholaq ieu Allah ngajelaskeun yen urang bakal dibere solusi anu sae sarta bakal dibere rejeki anu cukup mun urang bener taqwana ka Allah swt.

Halaman:

Editor: Ririn Handayani

Sumber: jabar.nu.or.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah